Hanjakal mah Teu Datang Tiheula
Disalah sahiji desa anu namina Desa Cikahuripan nu aya di Kota
Bandung, aya 2 urang istri nu gareulis pisan namina Lena sareng Maya. Lena
sareng Maya teh migaduh watek nu babeda pisan. Lena migaduh watek nu sok hayang
meunang sorangan,jeung gampang pundung ari Maya mah migaduh watek nu bageur
jeung sabar. Tapi, duanana teh atos lami jadi rerencangan ti samemeh SMP,
Ayeuna teh duanana atos SMA.
Dina hiji dinten di kelas XI Ipa 2 nu teu lain kelasna Maya
sareng Lena aya murid anyar . “Hemmm..Ceunah bade aya murid anyar nya may?”,
Lena nyarios ka Maya. “Ceunah mah enya.” Maya ngajawab.
Teu Lami Bu Lina lebet ka kelas XI Ipa 2 sareng pameget nu
kasep pisan nganggo acuk SMA. “Marulangkalih kenalkeun ieu Angga Wijaya murid pindahan
ti Banten anu bakal ngahiji di kelas XI Ipa 2 ieu. Tah ayeuna Angga kenging
calik! Bilih hoyong kenal leuwih, engkin wae nya di waktos istirahat.” Saur Bu
Lina. Teu lami pelajaran Bu Lina dimulai. waktos nyerelek wae teu karaos atos
bel istirahat. Enggal-enggal marulangkalih Ipa 2 teh kalaluar, tapi Maya mah
teu kaluar kulantaran nyandak bekel ti bumi na, Lena ge kaluar keur meser
kadaharan heula jadi di kelas teh tibang aya Maya sareng Angga. Teu disangka
Angga teh ka bangkuna Maya, “Hai,kenalkeun nami abdi Angga , ari kenging terang
saha nami anjeun teh?” Belenyeh wae
Maya teh emut,”Oh enya nami abdi Maya.”
Ti samenjak harita Maya sareng Angga teh jadi deukeut. Tapi teu disangka
Lena teh resepeun ka Angga. Dinten ka dinten Lena teh sering bangat curhat ka
Maya ngeunaan rasa cinta na ka Angga.
Lami jeung Lami ahirna Angga terangeun upami Lena teh resepeun
ka Angga. Kulantaran Angga alimeun masihan harepan kosong ka Lena, dina dinten
Sabtu saentos mulang sakola Angga nyarios ka Lena upami anjeunna teh teu bisa
ngawaleran perasaan Lena ka anjeunna. Angga nyarios ka Lena upami anjeunna
leuwih resep ka Maya sanes ka Lena. Ti dinya Lena nyeuri hate terus mulai ngambek
ka Maya, kusabab Lena nyangka Maya atos ngahianatan Lena. Kulantaran Maya mah
teu terang naon-naon ,pas kapendak sareng Lena kos biasa Maya mah patanya ka
Lena tapi Lena kalah ngaleos teu ngajawab.
Dina dinten senen saminggu ti kajadian eta Lena teh ngalih
bangku teu calik sareng Maya deui. Maya teh jadi tambah bingung kunaon ceunah
sareng Lena teh. Dina waktos istirahat Maya teh ka bangku Lena, “Ari anjeun teh
kunaon ngajauhan wae abdi,salah abdi naon?” Tumaros Maya ka Lena. Tapi Lena
kalah ngaleos angkat kaluar sambari camberut. Maya jadi leuwih bingung pisan
naon salahna.
Dinten ka dinten ka
lewat tapi Lena tetep ngambek ka Maya. Emang cinta sok nyieun buta. Teu karasa
atos sabulan Lena sareng Maya teh teu patanya. Sabulan eta Lena makin ngajauhan
Maya. Lena ngalih sakola jeung ngalih ti desa eta. Teu aya nu terang Lena
sareng kulawargina teh ngalih kamana. Maya ngarasa keleungitan pisan teu aya
Lena deui.
Atos 2 tahun Lena tebih ti Maya. Emang ti samenjak ngalih, Lena
teu acan pernah kapendak deui jeung teu pernah ngadangu deui kaayaan Maya
kumaha. Kusabab keur ngalih Lena emang keur ngambek ka Maya jadi teu sempet
pamit. Tapi dina hiji dinten Lena sadar lamun sikap na eta atos salah pisan.
Henteu samestina Lena ngambek ka Maya cuman gara-gara hiji pameget nu diresepan
ku Lena leuwih resepeun ka Maya.
Ahirna dina dinten sabtu ,Lena nyuhunkeun ijin ka umi sareng
abina bade ka bumi Maya . Mimiti abina teu masihan ijin tapi kulantaran Lena
hoyongeun pisan kapendak sareng sobat lami na ahirna abina masihan ijin. Di dinten
Minggu,enjing-enjing pisan Lena atos angkat ka Desa Cikahuripan bade ka bumina
Maya. Sadongkapna di bumina Maya, Lena teu ningali aya Maya. Didinya umina Maya
kalah ngajakan ka pengkeureun bumi . Lena jadi bingung anu aya di payuneun
panon na teh kuburan anyar nu aya tulisan namina Mayasari nu teu lain nami
rerencangan nu keur hayang di pendakan ku Lena. Lena ceurik balilihan ningali
kanyataan upami rerencangan nu di sonoanna atos teu aya. “Maya atos teu aya
neng, Maya maot kulantaran panyakit DBD (demam berdarah)”,Saur Umina Maya
masihan terang ka Lena. Rasa hanjakal sareng rasa kaleungitan nu di rasakeun
Maya dina danget eta teu bisa kabendung deui. Aya hal nu acan bisa Lena
tepikeun jadi nyieun hate Lena teu tenang. Tapi dina poe eta oge Lena
nyuhunkeun dihampura ka Maya sareng ngadoakeun Maya ambeh di tarima di sisi
Allah SWT.
Bisa tolong jelasin sinopsis dari cerpen ini ga ?
BalasHapusKomentar ini telah dihapus oleh pengarang.
BalasHapus